Ngadu Kaleci

 Zaman baheula mah ngadu Kaleci teh, hiji kaulinan anu kawilang dipikaresep ku kaum lalaki, malah mah anu geus sawawa Oge sok loba keneh anu resep maen Kaleci keur ngbeberahkeun kacape sa anggeus gawe sapopoe.

Lamun keur kabeneran hade poe na pasosore sok karumpuk di buruan Imah sa anggeus di izinan ku anu boga Imah. Marawa Kaleci paloba-loba sabab bisi kabeneran eleh ngadu jadi boga keur Mayar na

Kaleci anu dibarawa teh kawilang loba warna na Aya anu bodas, Aya anu hejo, Aya nu beureum, Jeung Koneng. Malahan mah Aya Oge anu bodas, hideung Ngan Sawarna Aya Oge anu herang wungkul euweuh warnaan. Kaleci anu bodas susu mah dijieun na Tina marmer biasana sok dijieun Kojo.

Samemeh prung, Dina lahan anu rek dipake ngadu kaleci, nyieun heula kalang sajajar anu anggangna kira-kira opat Atawa lima meter, kalang kahiji gunana pikeun tempat kaleci anu di alungkeun pangheula na, kalang kadua pikeun tempat narangtung para pamaen waktu mimiti ngalungkeun Kojo.

Sanggeus beres ngumpulkeun anu dipika butuh para pamaen diundi heula, pikeun nangtukeun anu ngalungkeun Kaleci pangheulana, tuluy narangtung Dina kalang tempat mimiti ngalungkeun Kojo.

Ngalungkeun Kaleci teh padeukeut-deukeut Kana kalang anu pang deukeut na Kana kalang ka hiji berarti eta anu pangheula na nembak ka Batur na kitu saterus na nu pangdeukeutna Kana kalang.

Nu kabagean pangheula na maen, tuluy nojo Kaleci Batur na kucara nyintreuk Kaleci Kojo na Sangkan keuna Kana Kaleci anu ditojo, lamun keuna Kana Kaleci anu ditojo na berarti Mayar ku Kaleci anu geus disadiakeun, tapi lamung teu keuna teu kudu Mayar, sarta nu kabageuan nojo giliran pamaen anu satuluy na.

Aya kalana pamaen anu jago maen kalecina  biasana sok nepika dibantuan ku Batur na ngumpulkeun pamayar ti lawan na, salian ti pamaen biasana Dina maen Kaleci teh sok Aya Oge anu ngadon lalajo bari areak-eakan ngeprokan pamaen anu meunang Atawa maroyokan anu areleh.

Ku kituna dina dina ngadu Kaleci, boh para pamaen Atawa anu lalajo, papada ngalatoh diri pikeun ngajaga sikep, Sangkan kaulinan anu dipilampah jadi pangalaman anu pikabungaheun,tur teu ngadatangkeun Mamala anu dipika susah.

Komentar