Postingan

Ngadu Kaleci

 Zaman baheula mah ngadu Kaleci teh, hiji kaulinan anu kawilang dipikaresep ku kaum lalaki, malah mah anu geus sawawa Oge sok loba keneh anu resep maen Kaleci keur ngbeberahkeun kacape sa anggeus gawe sapopoe. Lamun keur kabeneran hade poe na pasosore sok karumpuk di buruan Imah sa anggeus di izinan ku anu boga Imah. Marawa Kaleci paloba-loba sabab bisi kabeneran eleh ngadu jadi boga keur Mayar na Kaleci anu dibarawa teh kawilang loba warna na Aya anu bodas, Aya anu hejo, Aya nu beureum, Jeung Koneng. Malahan mah Aya Oge anu bodas, hideung Ngan Sawarna Aya Oge anu herang wungkul euweuh warnaan. Kaleci anu bodas susu mah dijieun na Tina marmer biasana sok dijieun Kojo. Samemeh prung, Dina lahan anu rek dipake ngadu kaleci, nyieun heula kalang sajajar anu anggangna kira-kira opat Atawa lima meter, kalang kahiji gunana pikeun tempat kaleci anu di alungkeun pangheula na, kalang kadua pikeun tempat narangtung para pamaen waktu mimiti ngalungkeun Kojo. Sanggeus beres ngumpulkeun anu dipi...